Hirup urang teu salilana aya di jalan anu datar jeung meunang kabagjaan, aya mangsana urang pinanggih jeung kasusahan nu pinuh ku cipanon jeung getih. ~ Hamka
Kahirupan teu ngajangjikeun kabagjaan salalawasna. Ayakalana manusa diasah ku rupa-rupa gogoda jeung cocoba. Lamun urang lemah, tinangtu bakal terus ngalulungkut milu cek kereteg hate jeung moal usaha neangan jalan kaluar pikeun nyalametkeun kaayaan jeung diri sorangan.
Hirup di dunya teu obahna jiga jalma musafir nu keur ngiuhan dihandapeun hiji tatangkalan nu moal lila indit ninggalkeun eta tangkal.
Hirup lain jiga kalakay nu hiber katebak angin. Hirup urang lain teu aya hartina. Tapi tiap jalma kudu boga tujuan hirup di alam dunya, samemeh urang dipundut kunu Kawasa.
Urang boga hak jeung kakawasaan pikeun nangtukeun kahirupan urang sorangan. Lamun mah urang boga harepan hayang bagja didunya katut diakherat, kudu bisa turut anut kana kekecrek agama.